2 Babad 7
Tamat Raja Suleman neneda, seug aya seuneu ragrag ti awang-awang, ngahuru kurban-kurban anu geus dibaktikeun, sarta cahaya kamulyaan PANGERAN ngagebray minuhan Bait Allah.
Para imam teu bisa asup ka jero, wantu-wantu Bait Allah teh pinuh ku cahaya anu ngagebray.
Barang urang Israil narenjo seuneu ragrag ti awang-awang jeung cahaya anu minuhan Bait Allah, bruk sarujud nyaruuh kana lante, ngabarakti ka Allah, maruji sukur kana kamulyaan manah jeung sipat asih-Na anu langgeng.
Suleman jeung jalma rea tuluy nyanggakeun kurban-kurban ka PANGERAN.
Sato anu dikurbankeun aya 22.000 sapi jeung 120.000 domba, dijieun kurban panarima. Ku jalan kitu anjeunna jeung jalma rea nyalametkeun eta Bait Allah.
Para imam narangtung di tempat anu baku keur maranehna, ari di hareupeunana narangtung urang Lewi, anu maruji ka PANGERAN dipirig ku tatabeuhan beunang nyayagikeun Raja Daud bareto, nyaranggakeun kidung "Asih Mantenna Salalanggengna!" sakumaha anu ku Daud geus diwajibkeun ka maranehna. Para imam nariup tarompet, jalma rea kabeh nangtung.
Suleman nyucikeun patengahan buruan di latar tepas Bait Allah, sarta di dinya anjeunna nyanggakeun kurban-kurban anu dibeuleum sagemblengna, kurban gandum jeung ngurbankeun gajih sato-sato kurban karapihan. Nu matak anjeunna ngurbanna di dinya lantaran lamun dina altar tambaga tea mah moal muat, sabab kurbanna sakitu lobana.
Sanggeus kitu Raja Suleman jeung rahayat Israil ngalampahkeun Pesta Saung Daun tujuh poe lilana. Jalma kacida lobana, daratang ti jauhna, nu ti kaler ti semet Hamat, nu ti kidul ti semet wates tanah Mesir.
Di darinyana lilana tujuh poe pikeun nyalametkeun altar, tujuh poe keur pestana. Dina poe wekasanana ngayakeun upacara panutup.
Dina poe isukna, nya eta tanggal dua puluh tilu bulan katujuh, rahayat ku Suleman dipiwarang baralik. Kacida ngarasa bagjana ku sagala berkah PANGERAN anu diganjarkeun ka Israil umat-Na, ka Daud, jeung ka Suleman.
Sanggeus Raja Suleman beres ngadamel Bait Allah jeung karaton sarta unak-anikna geus lengkep sapuratina,
PANGERAN nembongan ka anjeunna ti peuting sarta ngandika kieu, "Kami geus ngadangu paneda maneh. Ieu gedong paranti ngurban ku Kami ditarima.
Lamun Kami teu nurunkeun hujan, atawa ngadatangkeun hama simeut ngaruksak pepelakan, atawa ngadatangkeun pagebug ka umat Kami,
upama maranehna sasambat ka Kami sarta tarobat tina lampah dorakana, ku Kami tangtu didangu ti sawarga, dosana dihampura, tanahna disina cukul deui.
Ieu gedong bakal diraksa. Sakur paneda anu disambatkeun di dieu tangtu ku Kami didangu,
sabab ieu tempat ku Kami geus ditarima jeung disucikeun pikeun salawasna jadi tempat ngabakti ka Kami. Tangtu ku Kami dijaga diraksa sapapanjangna.
Upama maneh suhud ngawula ka Kami cara Daud, nurut kana hukum-hukum jeung timbalan-timbalan Kami anu diandikakeun ka maneh,
jangji Kami ka bapa maneh tea, nya eta Israil salawasna bakal dirajaan ku anak incuna, tan wande bukti.
Tapi upama maneh jeung rahayat nyimpang tina hukum-hukum jeung parentah-parentah anu diandikakeun ka maneh sarta ngabakti ka allah-allah sejen,
tangtu disingkirkeun ti ieu tanah pamere Kami, sarta ieu gedong paranti ibadah, najan ku Kami geus disucikeun jadi tempat ngabakti ka Kami ge bakal ditinggalkeun, sina diseungseurikeun jeung dipupuas ku jalma-jalma di mana mendi.
Ieu gedong ayeuna sakieu agrengna. Tapi engke mah anu laliwat ka dieu bakal hareraneun heug ngaromong kieu, ‘Na ku naon ieu tanah jeung gedong paranti ibadah teh ku PANGERAN dikieu-kieu?’
Dijawabna bakal kieu, ‘Lantaranana mah ku sabab maranehna naringgalkeun PANGERAN Allahna anu nuyun karuhunna budal ti Mesir, suhud sumujud jeung ngabaktina ganti ka allah-allah sejen. Kitu sababna nu matak maranehna ku PANGERAN disina cilaka kieu.’"